Di handap aya wacana siaran televisi dina program acara “Golémpang”, anu
disiarkeun ku stasiun televisi lokal, Bandung TV. Pék ku hidep baca éta wacana
sing taliti!
GOLÉMPANG
UT : Haturan,
wilujeng sumping sareng wilujeng wengi, hatur nuhun kana kasumpinganana ka
studio.
AK : Sami-sami. Sawangsulna hatur nuhun kana pangangkirna.
ES : Wilujeng wengi.
UT : Rupina
badé ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat nu kagungan anggapan, yén basa
Sunda téh hésé. Dugi ka maranéhna milih sasauran ku basa Indonésia, batan
ngagunakeun basa Sunda. Sok sanajan basa nu digunakeunana basa kamalayon.
Tah, naha leres basa Sunda téh hésé?
|
1.
Kecap
pangangkirna dina ungkara di luhur
ngandung harti ...
A. kadatanganna C. kahadiranna É. Pangbagéana
B. Pangulem D. kapercayaanna
2.
Kecap
rupina dina ungkara di luhur kaasup kana
ragam hormat keur saha ...
A. loma C.
sorangan E.
batur
B. batur jeung sorangan D. loma jeung sorangan
Baca
sajak di handap sing taliti!
Jungjunan
Sihung ajal ranggéténg
kabina-bina
Ngintip-ngintip ti barang
gubrag ka dunya
Pepetétan kembang samboja
jeung puring
Sabot leumpang, ieu
geuning
Ngarandakah lebah tapak
dampal suku
(Godi Suwarna, Lalakon Abimanyu)
|
3.
Nada jeung rasa sajak di luhur nyaéta ...
A. tumamprak D.
pikabungaheun
B. hariwang di barung ku rasa ketir E. pikakeuheuleun
C. mikareueus dibarung ku sumanget
4.
Hal nu penting atawa nu kudu diperhatikeun
nalika maca sajak nyaéta ...
A. vokal,
nada, wirahma
B.
lenyepan, vokal, wirahma, géstur
C.
lenyepan, vokal, nada jeung rasa, wirahma, éksprési
D.
lenyepan, vokal, nada jeung rasa, anca-gancangna, wirahma
E.
lenyepan, vokal, wirahma, éksprési, ébréhan jiwa
5.
Dina nulis
sajak aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun nyaéta ....
A. gaya basa, tanda baca, purwakanti
B. wirahma, gaya basa, bait dina baris
C. gaya basa, purwakanti, tanda baca
D. wirahma, gaya basa, purwakanti
E. Wirahma, purwakanti, bait dina baris
6.
Runtuyan bagéan
surat pribadi nu bener di handap nyaéta ....
1.
Bagéan
tujuan surat
2.
Bagéan
bubuka
3.
Bagéan
unjuk salam
|
4.
Bagéan eusi
5.
Bagéan
titimangsa
6.
Bagéan
panutup
|
A. 1, 2, 3, 4, 5, jeung 6 D. 1, 3, 4, 2, 6, jeung 5
B. 2, 3, 4, 5, 6, jeung 1 E. 1, 3, 2, 4, 6, jeung 5
C. 3, 4, 5, 6, 1, jeung 2
Baca bagéan
surat pribadi di handap sing taliti!
Muga-muga Jénitra Nitisara katut sobat-sobat séjénna
di lembur, dina kaayaan séhat. Nya kitu deui kolot-kolot urang jeung
dulur-dulur urang. Amin!
Kuring ogé di dayeuh, alhamdullah boh lahir, boh
batin, dina kaayaan séhat. Malah awak téh ngarasa ngalintuhan. Bisa jadi
lantaran haté jeung pikiran ngarasa senang.
|
7.
Bagéan surat
di luhur téh kaasup bagéan surat ....
A. bubuka D. unjuk
salam
B. eusi surat E.
panutup
C. tujuan surat
8.
Ramadhan KH, dipikawnoh ku
saréréa mingka sastrawan ku asup produktif. Salahsaurang putrana, pasti hidep
arapal, nyaéta pamaén musik (dram) Gilang Ramadhan. Sababaraha karya meunang
penghargaan, upamana waé sajakna Priangan Si Jelita, ti Badan Musyawarah
Kebudayaan Nasional (BMKN).
Singketan
tina naon ari KH téh ….
A. Kartahadimadja D.
Karmahadimadja
B. Kartahadiningrat E. Karmahadiningrat
C. Kartahadiredjo
Baca kawih di handap ieu
sing taliti!
HARIRING NU KUNGSI
NYANDING
Mang Koko
Purnama nu kungsi
leungit,
Ayeuna nganjang ka buruan deui,
Anu kungsi kapiati
Kiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi
nyanding,
Ayeun datang ngahaleuang deui,
Hayu pataréma tineung,
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan.
Ayeuna mangsa nu éndah,
Hayu urang suka bungah,
Caang bulan opat welas narawangan,
Ati bangblas.
|
9.
”Hariring nu Kungsi Nyanding”.
Hariring dina éta ungkara hartina ngawih ….
A. bari ngagaya D.
jero haté
B. lalaunan E. jojorowokan
C. lagu cinta
10.
“Hariring nu Kungsi Nyanding” Nyanding hartina …
A. hareupeun D. luhureun
B. gigireun E. handapeun
C. tukangeun
11.
“Hayu urang pataréma tineung”. Kecap
tineung hartina …
A. cinta D. bogoh
B. sono E. ceuceub
C. nyaah
12.
Lalaguan Sunda bébas, nu henteu
kauger atawa kaiket ku aturan nu tangtu, boh laguna, boh rumpakana disebut …
A. kawih D. tembang
B. kakawihan E. kacapi suling
C. calung
13.
Naon nu dimaksud siloka atawa ngagambarankeun hiji hal
ku cara dihaleuangkeun ku dalang dina istilah pagelaran wayang ...
A. garap D. nyandra
B. antawacana E. murwa
C. suluk
14.
Carita wayang nu judulna “Sanghyang Talaga Pancuran”
nyaritakeun ...
A. Gatotkaca salin rupa
B. Gatotkaca ngabendung Walungan Gangga
C. Gatotkaca lahir
D. Gatotkaca guguru
E. Gatotkaca krama (kawin)
15.
Saawak-awakna Gatotkaca mah
pinuh ku ajian. Ajian Gatotkaca téh nyaéta:
1.
baju Kéré Antakusumah
2.
Brajamusti jeung Brajadénta
3.
Brajawisésa jeung Brajalambatan
4.
Déwa Saptapangrungu
Ajian
Gatototkaca Brajamusti jeung Brajadénta ayana dina naon …
A. awakna D.
sirah
B. suku E.
leungeun
C. ceuli
16.
Perang tutumpuran téh perang
anggeus-anggeusan, nepi ka hiji di antarana, nyaéta pihak Kurawa, henteu nyésa
saurang-urang acan. Padahal jumlah Kurawa téh loba pisan. Bandingkeun jeung
Pandawa nu jumlah leuwih saeutik ti Kurawa.
Sabaraha urang ari jumlahna
Pandawa téh …
A. tujuhan D. saparona
B. genepan E. saparapatna
C. limaan
17.
Tokoh wayang nu boga watek basajan tur pikaseurieun
atawa lulucon, di antarana nyaéta…
A. Cépot D.
Dorna
B. Aswatama E.
Semar
C. Bima
18.
Sakanyaho hidep boga
ajian/kasaktén naon ari Dasamuka …
A. kuku Pancanaka D.
Nagapasa
B. Pancasona E.
Gada Rujakpolo
C. Jamus Kalimusada
19.
Di handap nyaéta hal nu kudu
diperhatikeun upama urang rék mingpin rapat, supaya lumangsung kalawan lancar,
iwal ti …
A.
Catet matéri nu rék dirapatkeun
B.
Siapkeun notulén
C.
Usahakeun rapat dimimitian saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.
D.
Sanggeus saréréa karumpul, langsung buka rapatna
E.
Rapat gancang ditutup, sok sanajan can meunang kacindekan, sabab waktuna geus
teu cukup.
Baca ungkara di
handap ieu sing taliti!
“Langkung ti payun, mangga urang sanggakeun puja
sareng puji ka Gusti Alloh nu murbéng alam. Margi ku keresa Mantenna urang
sadayana tiasa ngumpul ngariung, di ieu tempat, kalayan dipaparin kaséhatan”.
|
20.
Ungkara di luhur mangrupa pokpokan
…
A. salam panutup D.
salam bubuka
B. eusi rapat E.
muka rapat
C. nampung jeung ngatur usulan
21.
“Dina
réréngan kapanitiaan hasil rapat téh, kuring kabagéan jadi panata harta”.
Panata harta téh hartina ...
A. pangaping D.
bendahara
B. papayung E.
sekrétaris
C. ketua
Baca ungkara di
handap ieu sing taliti!
“Rupina kanggo sementawis mah, urang cekapkeun dugi kadieu baé.
Insya Alloh kapayun mah urang tiasa patepang deui!”
|
22.
Ungkara di luhur mangrupa
pokpokan …
A. nutup rapat D.
eusi rapat
B. muka rapat E.
salam bubuka
C. nampung jeung ngatur usulan
23.
Karangan sastra winangun dialog
anu dipidangkeun caritana atawa lalakonna, ngagunakeun dialog atawa obrolan di
anatara tokoh-tokohna disebut …
A. Longsér D.
Carita Drama
B. Sandiwara E.
Gending Karesmén
C. Wangkongan
24.
Drama nu judulna “Tukang
Asahan” beunang karangan saha …
A. Ahmad Bakri D.
Wahyu Wibisana
B. Éddi Tarmidi E.
R. Hidayat Suryalaga
C. Téddy AN Muhatadi
25.
Drama nu judulna “Pasaran”
beunang karangan saha …
A. Ahmad Bakri D.
Wahyu Wibisana
B. Éddi Tarmidi E.
R. Hidayat Suryalaga
C. Téddy AN Muhtadi
26.
Gending Karesmén nu judulna
“Yaomal Qiamah” beunang karangan saha …
A. Rd. Kartabrata D.
Suriasaputra
B. R.A.F. E.
R. Hidayat Suryalaga
C. M.A. Salmun
27.
Gending Karesmén nu judulna
“Pahlawan Samudra” beunang karangan saha…
A. Mang Koko Koswara D. Wahyu
Wibisana
B. R. Machyar Anggakusumah E. R. Hidayat
Suryalaga
C. R. Méméd Sastrahadiprawira
28.
Asupna novel kana sastra Sunda
téh mangrupa pangaruh tina sastra Barat, utamana Walanda. Novel munggaran dina
sastra Sunda nyaéta Baruang ka nu Ngarora
karya DK. Ardiwinata. sedengkeun novel munggaran dina sastra Indonésia mah
nyaé Azab dan Sengsara karya Mérari Sirégar.
Taun sabaraha terbitna novel Baruang ka nu
Ngarora téh …
A. 1914 D.
1920
B. 1915 E.
1921
C. 1916
29.
“Keur mah geus teu kuat,
Nyi Rapiah kudu hirup di sisi gunung, katambah-tambah dibibitaan bakal jadi
pamajikan ménak, teu panjang pikir Nyi Rapiah nurut kabur ti nu jadi salaki.
Nurut ka jalma titahanna Aom Usman.”
Saha jalmana nu dititah ku
Aom Usman dina novel Baruang ka nu
Ngarora téh …
A. Ujang Kusén D.
Si Abdullah
B. Haji Abdul Rauf E.
Agan Sariningsih
C. Haji Samsudin
Baca ungkara di
handap ieu sing taliti!
Novel Baruang
ka nu Ngarora nyaritakeun tokoh Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah, bujang
jeung parawan, sarua anak jelema beunghar. Sanajan dirérémokeun ku kolotna, ku sabab lalakina kasép, awéwéna geulis,
duanana sarua batu turun keusik naék, lalakina purun awéwéna daék. Malah ku
saréréa dianggap nurub cupu papasangan,
lir Rama jeung Sinta. Mun ceuk ayeuna mah idéal.
|
30.
Harti kecap dirérémokeun dina ungkara di luhur
nyaéta ...
A. Diadu-adu ku kolotna
B. Dikawinkeun ku kolotna
C. Dipanglamarkeun ku kolotna
D. Kolot pada kolot sarua masrahkeun ka jinisna
E. Karep anak sarua daék, antukna kolot nyatujuan
31.
Harti kecap nurub cupu dina ungkara di luhur nyaéta
...
A. sabanding D.
batu turun keusik naék
B. pada daék E.
pada beunghar
C. pada hayang
32.
Ieu di handap
nyaéta novel karyana Moh. Ambri, iwal ti ...
A. Lain Éta D.
Urang Désa
B. Numbuk di Sué E.
Pusaka Ratu Teluh (saduran)
C. Arca
33.
Carita pondok
(carpon), dina basa Indonésia cerita péndék (cerpén), istilah asingna short story, ku kituna carpon téh
mangrupa karya ...
A. Karya fiksi wangun lancaran (prosa)
B. Karya fiksi wangun sastra Sunda nu caritana
pondok
C. Karya fiksi wangun sastra Sunda nu populér
D. Karya fiksi wangun ukuran pondokna rélatif
E. Karya fiksi wangun sastra Sunda pondok
34.
Carita pondok nu pangheulana aya
dina sastra Sunda nyaéta “Dog-dog Pangréwong”. Dikarang ku saha éta carpon téh
…
A. Godi Suwarna D.
Wahyu Wibisana
B. Karna Yudibrata E.
Ami Raksanagara
C. G. Suanda Kusumah/G.S.
35.
Nulis resénsi
buku atawa ngaresénsi buku, kira-kira meunteun (ngajén) hiji buku.
Pagawéan saha ari ngaresénsi téh?
A. kritikus D.
sastrawan
B. guru E.
pangarang
C. murid
36.
Sebutkeun
salasaurang nu ka asup kritikus Sunda ...
A. Godi Suwarna D.
Yus Rusamsi
B. Joehana E.
Margasulaksana
C. Duduh Durahman
37.
Kesan pamohalan dina dongéng upamana baé ieu
dihandap, iwal ti ..
A. sasatoan bisa nyarita D.
kuya kawin jeung anak patani
B. parahu jadi gunung E.
jalma hayang beunghar
C. jalma jadi maung
38.
Disebut
dongéng naon anu palakuna nyaritakeun sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun
kawas jelema, upamana baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran ...
A. Fabel D.
Parabel
B. Legénda E.
Pamuk
C. Sagé
39.
Pesen nu hayang ditepikeun dina
hiji dongéng disebut …
A. téma D.
tokoh
B. galur E.
latar
C. amanat
40.
Jalan carita dina hiji dongéng
disebut …
A. téma D.
tokoh
B. galur E.
latar
C. amanat
41.
MC (master of ceremony) atawa panata acara
nu hadé biasana kudu mibanda ...
A. sikep D. kaahlian
B. tagog alus E. rasa humor
C. luyu jeung acara
42.
Maca wawacan sok ditembangkeun, saluyu jeung pupuhna. Anu matak di sagigireun seni sastra,
wawacan téh kaasup seni ...
A. Sunda D.
kawih
B. tembang E.
karawitan
C. buhun
43.
Dina
sastra Sunda wawacan téh mangrupa salahsahiji hasil karya sastra buhun anu
ditulis dina wangun ...
A. puisi D.
dangding
B. prosa E.
jampé
C. ugeran
44.
Cara
nulis artikel mah taya katangtuan anu husus, diluyukeun jeung kawijakan ...
A. fakta nu aya D. kahayang nu
maca
B. unsur obyéktifna E.
rédaksional média
C. kahayang nu nulis
45.
Éséy
téh mangrupa karangan pondok wangun ...
A. guguritan D. puisi
B. dangding E. frosa
C. fiksi
46.
Hiji
gempungan resmi pikeun ngabedah atawa ngungkab hiji masalah bari néangan cara
pikeun ngaréngsékeun éta masalah, sahingga nepi ka na kacindekan, nyaéta ...
A. ésséy D.
seminar
B. sawala E.
riuangan
C. rapat
47.
Aya
sababaraha anu kudu diperhatikeun lamun urang rék jadi narasumber atawa
pangjejer dina seminar, iwal ti ...
A.
piwanoh karakter jeung kasang tukang hadirin
B.
siapkeun bahan nu rék diseminarkeun
C.
Dina pokna nyarita ulah nepi ka nempo makalah deui
D. Susun
makalah kalawan ringker tur pepel
E.
Nalika nyanghareupan pananya, kritikan, atawa nu béda pamadegan jawab nurutkeun
kahayang sorangan.
48.
Rarasaan melak cauk, teu nyaho mun melak
jahé
Rarasaan
matak lucu, teu nyaho mun matak réhé
Sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran ...
A. Sésébréd D.
Wawangsalan
B. Rarakitan E. Piwuruk
C. Paparikan
49.
Teu beunang di hurang sawah
Teu
beunang dipikamemet
Wangsalna tina wawangsal di luhur nyaéta ...
A. arimeut D.
reueut
B. kameumeut E. imeut
C. simeut
50.
Paribasa
nu hartina kudu landung kandungan laér aisan, nyaéta ...
A. Kudu bisa ngaluyukeun diri jeung
kaayaan
B. Kudu wijaksana lamun urang rék
mutuskeun hiji perkara
C. Kudu puguh éntép-seureuhna lamun nyarita
ka nu séjén.
D. Kudu ati-ati sabab umumna mah cilaka
téh sok ku hal anu teu pira
E. Lamun rék nyarita kudu dipikir heula
hadé goréngna
KUNCI JAWABAN | |||||||||||||
SOAL UJIAN SEKOLAH | |||||||||||||
TAHUN PELAJARAN 2016/2017 | |||||||||||||
SMA ALKHOLILIYAH PARAKANSALAK | |||||||||||||
KABUPATEN SUKABUMI | |||||||||||||
NO | KUNCI | NO | KUNCI | NO | KUNCI | NO | KUNCI | NO | KUNCI | ||||
1 | B | 11 | B | 21 | D | 31 | A | 41 | E | ||||
2 | B | 12 | A | 22 | A | 32 | C | 42 | B | ||||
3 | B | 13 | C | 23 | D | 33 | A | 43 | D | ||||
4 | C | 14 | B | 24 | D | 34 | C | 44 | E | ||||
5 | D | 15 | E | 25 | C | 35 | A | 45 | E | ||||
6 | E | 16 | C | 26 | B | 36 | C | 46 | D | ||||
7 | A | 17 | A | 27 | A | 37 | E | 47 | E | ||||
8 | A | 18 | B | 28 | A | 38 | A | 48 | A | ||||
9 | B | 19 | E | 29 | D | 39 | C | 49 | C | ||||
10 | B | 20 | E | 30 | A | 40 | B | 50 | B |