Jumat, 09 Juni 2017

soal ukk smt 2 basa sunda 2016 / 2017




Di handap aya wacana siaran televisi dina program acara “Golémpang”, anu disiarkeun ku stasiun televisi lokal, Bandung TV. Pék ku hidep baca éta wacana sing taliti!
GOLÉMPANG
UT : Haturan, wilujeng sumping sareng wilujeng wengi, hatur nuhun kana kasumpinganana ka studio.
AK : Sami-sami. Sawangsulna hatur nuhun kana pangangkirna.
ES   : Wilujeng wengi.
UT   : Rupina badé ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat nu kagungan anggapan, yén basa Sunda téh hésé. Dugi ka maranéhna milih sasauran ku basa Indonésia, batan ngagunakeun basa Sunda. Sok sanajan basa nu digunakeunana basa kamalayon. Tah, naha leres basa Sunda téh hésé?
1.            Kecap pangangkirna dina ungkara di luhur ngandung harti ... 
A. kadatanganna                        C. kahadiranna                           É. Pangbagéana
B. Pangulem                               D. kapercayaanna                      
2.            Kecap rupina dina ungkara di luhur kaasup kana ragam hormat keur saha ...
A. loma                                      C. sorangan                                E. batur
B. batur jeung sorangan             D. loma jeung sorangan            
Baca sajak di handap sing taliti!
Jungjunan
Sihung ajal ranggéténg kabina-bina
Ngintip-ngintip ti barang gubrag ka dunya
Pepetétan kembang samboja jeung puring
Sabot leumpang, ieu geuning
Ngarandakah lebah tapak dampal suku
(Godi Suwarna, Lalakon Abimanyu)
3.            Nada jeung rasa sajak di luhur nyaéta ...
A. tumamprak                                                       D. pikabungaheun
B. hariwang di barung ku rasa ketir                      E. pikakeuheuleun
C. mikareueus dibarung ku sumanget
4.            Hal nu penting atawa nu kudu diperhatikeun nalika maca sajak nyaéta ...
A. vokal, nada, wirahma                                  
B. lenyepan, vokal, wirahma, géstur             
C. lenyepan, vokal, nada jeung rasa, wirahma, éksprési
D. lenyepan, vokal, nada jeung rasa, anca-gancangna, wirahma
E. lenyepan, vokal, wirahma, éksprési, ébréhan jiwa
5.            Dina nulis sajak aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun nyaéta ....
A. gaya basa, tanda baca, purwakanti                                                  
B. wirahma, gaya basa, bait dina baris
C. gaya basa, purwakanti, tanda baca                                          
D. wirahma, gaya basa, purwakanti
E. Wirahma, purwakanti, bait dina baris
6.            Runtuyan bagéan surat pribadi nu bener di handap nyaéta ....
1.          Bagéan tujuan surat
2.          Bagéan bubuka
3.          Bagéan unjuk salam
4.          Bagéan eusi
5.          Bagéan titimangsa
6.          Bagéan panutup
A. 1, 2, 3, 4, 5, jeung 6                                         D. 1, 3, 4, 2, 6, jeung 5
B. 2, 3, 4, 5, 6, jeung 1                                          E. 1, 3, 2, 4, 6, jeung 5
C. 3, 4, 5, 6, 1, jeung 2


Baca bagéan surat pribadi di handap sing taliti!
Muga-muga Jénitra Nitisara katut sobat-sobat séjénna di lembur, dina kaayaan séhat. Nya kitu deui kolot-kolot urang jeung dulur-dulur urang. Amin!
Kuring ogé di dayeuh, alhamdullah boh lahir, boh batin, dina kaayaan séhat. Malah awak téh ngarasa ngalintuhan. Bisa jadi lantaran haté jeung pikiran ngarasa senang.
7.            Bagéan surat di luhur téh kaasup bagéan surat ....
A. bubuka                                                             D. unjuk salam
B. eusi surat                                                          E. panutup
C. tujuan surat
8.            Ramadhan KH, dipikawnoh ku saréréa mingka sastrawan ku asup produktif. Salahsaurang putrana, pasti hidep arapal, nyaéta pamaén musik (dram) Gilang Ramadhan. Sababaraha karya meunang penghargaan, upamana waé sajakna Priangan Si Jelita, ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN).
Singketan tina naon ari KH téh ….
A. Kartahadimadja                                               D. Karmahadimadja
B. Kartahadiningrat                                              E. Karmahadiningrat
C. Kartahadiredjo
Baca kawih di handap ieu sing taliti!
HARIRING NU KUNGSI NYANDING
Mang Koko
Purnama nu kungsi leungit,
Ayeuna nganjang ka buruan deui,
Anu kungsi kapiati
Kiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi nyanding,
Ayeun datang ngahaleuang deui,
Hayu pataréma tineung,
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan.
Ayeuna mangsa nu éndah,
Hayu urang suka bungah,
Caang bulan opat welas narawangan,
Ati bangblas.
9.            ”Hariring nu Kungsi Nyanding”. Hariring dina éta ungkara hartina ngawih ….
A. bari ngagaya                                                     D. jero haté
B. lalaunan                                                            E. jojorowokan
C. lagu cinta
10.        “Hariring nu Kungsi Nyanding” Nyanding hartina …
A. hareupeun                                                         D. luhureun
B. gigireun                                                            E. handapeun
C. tukangeun
11.        “Hayu urang pataréma tineung”. Kecap tineung hartina …
A. cinta                                                                 D. bogoh
B. sono                                                                  E. ceuceub
C. nyaah 
12.        Lalaguan Sunda bébas, nu henteu kauger atawa kaiket ku aturan nu tangtu, boh laguna, boh rumpakana disebut …
A. kawih                                                               D. tembang
B. kakawihan                                                        E. kacapi suling
C. calung 


13.        Naon nu dimaksud siloka atawa ngagambarankeun hiji hal ku cara dihaleuangkeun ku dalang dina istilah pagelaran wayang ...
A. garap                                                                D. nyandra
B. antawacana                                                       E. murwa
C. suluk
14.        Carita wayang nu judulna “Sanghyang Talaga Pancuran” nyaritakeun ...
A. Gatotkaca salin rupa                                       
B. Gatotkaca ngabendung Walungan Gangga                            
C. Gatotkaca lahir
D. Gatotkaca guguru
E. Gatotkaca krama (kawin)
15.        Saawak-awakna Gatotkaca mah pinuh ku ajian. Ajian Gatotkaca téh nyaéta:
1.      baju Kéré Antakusumah
2.      Brajamusti jeung Brajadénta
3.      Brajawisésa jeung Brajalambatan
4.      Déwa Saptapangrungu
Ajian Gatototkaca Brajamusti jeung Brajadénta ayana dina naon …
A. awakna                                                             D. sirah
B. suku                                                                  E. leungeun
C. ceuli
16.        Perang tutumpuran téh perang anggeus-anggeusan, nepi ka hiji di antarana, nyaéta pihak Kurawa, henteu nyésa saurang-urang acan. Padahal jumlah Kurawa téh loba pisan. Bandingkeun jeung Pandawa nu jumlah leuwih saeutik ti Kurawa.
Sabaraha urang ari jumlahna Pandawa téh …
A. tujuhan                                                             D. saparona
B. genepan                                                            E. saparapatna
C. limaan
17.        Tokoh  wayang nu boga watek basajan tur pikaseurieun atawa lulucon, di antarana nyaéta…
A. Cépot                                                               D. Dorna
B. Aswatama                                                        E. Semar
C. Bima
18.        Sakanyaho hidep boga ajian/kasaktén naon ari Dasamuka …
A. kuku Pancanaka                                               D. Nagapasa
B. Pancasona                                                         E. Gada Rujakpolo
C. Jamus Kalimusada
19.        Di handap nyaéta hal nu kudu diperhatikeun upama urang rék mingpin rapat, supaya lumangsung kalawan lancar, iwal ti …
A. Catet matéri nu rék dirapatkeun
B. Siapkeun notulén
C. Usahakeun rapat dimimitian saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.
D. Sanggeus saréréa karumpul, langsung buka rapatna
E. Rapat gancang ditutup, sok sanajan can meunang kacindekan, sabab waktuna geus teu cukup.
Baca ungkara di handap ieu sing taliti!
“Langkung ti payun, mangga urang sanggakeun puja sareng puji ka Gusti Alloh nu murbéng alam. Margi ku keresa Mantenna urang sadayana tiasa ngumpul ngariung, di ieu tempat, kalayan dipaparin kaséhatan”.
20.        Ungkara di luhur mangrupa pokpokan …
A. salam panutup                                                  D. salam bubuka
B. eusi rapat                                                          E. muka rapat
C. nampung jeung ngatur usulan



21.        “Dina réréngan kapanitiaan hasil rapat téh, kuring kabagéan jadi panata harta”. Panata harta téh hartina ...
A. pangaping                                                         D. bendahara
B. papayung                                                          E. sekrétaris
C. ketua
Baca ungkara di handap ieu sing taliti!
“Rupina kanggo sementawis mah, urang cekapkeun dugi kadieu baé. Insya Alloh kapayun mah urang tiasa patepang deui!”
22.        Ungkara di luhur mangrupa pokpokan …
A. nutup rapat                                                       D. eusi rapat
B. muka rapat                                                        E. salam bubuka
C. nampung jeung ngatur usulan
23.        Karangan sastra winangun dialog anu dipidangkeun caritana atawa lalakonna, ngagunakeun dialog atawa obrolan di anatara tokoh-tokohna disebut …
A. Longsér                                                            D. Carita Drama 
B. Sandiwara                                                        E. Gending Karesmén
C. Wangkongan
24.        Drama nu judulna “Tukang Asahan” beunang karangan saha …
A. Ahmad Bakri                                                   D. Wahyu Wibisana 
B. Éddi Tarmidi                                                    E. R. Hidayat Suryalaga
C. Téddy AN Muhatadi
25.        Drama nu judulna “Pasaran” beunang karangan saha …
A. Ahmad Bakri                                                   D. Wahyu Wibisana 
B. Éddi Tarmidi                                                    E. R. Hidayat Suryalaga
C. Téddy AN Muhtadi
26.        Gending Karesmén nu judulna “Yaomal Qiamah” beunang karangan saha …
A. Rd. Kartabrata                                                 D. Suriasaputra
B. R.A.F.                                                              E. R. Hidayat Suryalaga
C. M.A. Salmun
27.        Gending Karesmén nu judulna “Pahlawan Samudra” beunang karangan saha…
A. Mang Koko Koswara                                       D. Wahyu Wibisana
B. R. Machyar Anggakusumah                             E. R. Hidayat Suryalaga
C. R. Méméd Sastrahadiprawira
28.        Asupna novel kana sastra Sunda téh mangrupa pangaruh tina sastra Barat, utamana Walanda. Novel munggaran dina sastra Sunda nyaéta Baruang ka nu Ngarora karya DK. Ardiwinata. sedengkeun novel munggaran dina sastra Indonésia mah nyaé Azab dan Sengsara karya Mérari Sirégar.
Taun sabaraha terbitna novel Baruang ka nu Ngarora téh …
A. 1914                                                                 D. 1920
B. 1915                                                                 E. 1921
C. 1916
29.        Keur mah geus teu kuat, Nyi Rapiah kudu hirup di sisi gunung, katambah-tambah dibibitaan bakal jadi pamajikan ménak, teu panjang pikir Nyi Rapiah nurut kabur ti nu jadi salaki. Nurut ka jalma titahanna Aom Usman.”
Saha jalmana nu dititah ku Aom Usman dina novel Baruang ka nu Ngarora téh …
A. Ujang Kusén                                                    D. Si Abdullah
B. Haji Abdul Rauf                                              E. Agan Sariningsih
C. Haji Samsudin


Baca ungkara di handap ieu sing taliti!
Novel Baruang ka nu Ngarora nyaritakeun tokoh Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah, bujang jeung parawan, sarua anak jelema beunghar. Sanajan dirérémokeun ku kolotna, ku sabab lalakina kasép, awéwéna geulis, duanana sarua batu turun keusik naék, lalakina purun awéwéna daék. Malah ku saréréa dianggap nurub cupu papasangan, lir Rama jeung Sinta. Mun ceuk ayeuna mah idéal.
30.        Harti kecap dirérémokeun dina ungkara di luhur nyaéta ...
A. Diadu-adu ku kolotna          
B. Dikawinkeun ku kolotna      
C. Dipanglamarkeun ku kolotna
D. Kolot pada kolot sarua masrahkeun ka jinisna
E. Karep anak sarua daék, antukna kolot nyatujuan
31.        Harti kecap nurub cupu dina ungkara di luhur nyaéta ...
A. sabanding                                                         D. batu turun keusik naék 
B. pada daék                                                         E. pada beunghar
C. pada hayang
32.        Ieu di handap nyaéta novel karyana Moh. Ambri, iwal ti ...
A. Lain Éta                                                           D. Urang Désa
B. Numbuk di Sué                                                E. Pusaka Ratu Teluh (saduran)
C. Arca
33.        Carita pondok (carpon), dina basa Indonésia cerita péndék (cerpén), istilah asingna short story, ku kituna carpon téh mangrupa karya ...
A. Karya fiksi wangun lancaran (prosa)
B. Karya fiksi wangun sastra Sunda nu caritana pondok
C. Karya fiksi wangun sastra Sunda nu populér
D. Karya fiksi wangun ukuran pondokna rélatif
E. Karya fiksi wangun sastra Sunda pondok
34.        Carita pondok nu pangheulana aya dina sastra Sunda nyaéta “Dog-dog Pangréwong”. Dikarang ku saha éta carpon téh …
A. Godi Suwarna                                                  D. Wahyu Wibisana
B. Karna Yudibrata                                              E. Ami Raksanagara
C. G. Suanda Kusumah/G.S.   
35.        Nulis resénsi buku atawa ngaresénsi buku, kira-kira meunteun (ngajén) hiji buku.
Pagawéan saha ari ngaresénsi téh?
A. kritikus                                                             D. sastrawan
B. guru                                                                  E. pangarang
C. murid
36.        Sebutkeun salasaurang nu ka asup kritikus Sunda ...
A. Godi Suwarna                                                  D. Yus Rusamsi
B. Joehana                                                             E. Margasulaksana
C. Duduh Durahman
37.        Kesan pamohalan dina dongéng upamana baé ieu dihandap, iwal ti ..
A. sasatoan bisa nyarita                                        D. kuya kawin jeung anak patani
B. parahu jadi gunung                                           E. jalma hayang beunghar
C. jalma jadi maung
38.        Disebut dongéng naon anu palakuna nyaritakeun sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran ...
A. Fabel                                                                D. Parabel
B. Legénda                                                           E. Pamuk
C. Sagé
39.        Pesen nu hayang ditepikeun dina hiji dongéng disebut …
A. téma                                                                 D. tokoh
B. galur                                                                 E. latar
C. amanat

40.        Jalan carita dina hiji dongéng disebut …
A. téma                                                                 D. tokoh
B. galur                                                                 E. latar
C. amanat
41.        MC (master of ceremony) atawa panata acara nu hadé biasana kudu mibanda ...
A. sikep                                                                 D. kaahlian  
B. tagog alus                                                         E. rasa humor
C. luyu jeung acara
42.        Maca wawacan sok ditembangkeun, saluyu jeung pupuhna. Anu matak di sagigireun seni sastra, wawacan téh kaasup seni ...
A. Sunda                                                               D. kawih     
B. tembang                                                            E. karawitan
C. buhun
43.        Dina sastra Sunda wawacan téh mangrupa salahsahiji hasil karya sastra buhun anu ditulis dina wangun ...
A. puisi                                                                  D. dangding
B. prosa                                                                 E. jampé
C. ugeran
44.        Cara nulis artikel mah taya katangtuan anu husus, diluyukeun jeung kawijakan ...
A. fakta nu aya                                                     D. kahayang nu maca
B. unsur obyéktifna                                              E. rédaksional média
C. kahayang nu nulis
45.        Éséy téh mangrupa karangan pondok wangun ...
A. guguritan                                                          D. puisi        
B. dangding                                                          E. frosa
C. fiksi
46.        Hiji gempungan resmi pikeun ngabedah atawa ngungkab hiji masalah bari néangan cara pikeun ngaréngsékeun éta masalah, sahingga nepi ka na kacindekan, nyaéta ...
A. ésséy                                                                 D. seminar   
B. sawala                                                               E. riuangan
C. rapat
47.        Aya sababaraha anu kudu diperhatikeun lamun urang rék jadi narasumber atawa pangjejer dina seminar, iwal ti ...
 A. piwanoh karakter jeung kasang tukang hadirin                  
 B. siapkeun bahan nu rék diseminarkeun            
 C. Dina pokna nyarita ulah nepi ka nempo makalah deui
 D. Susun makalah kalawan ringker tur pepel
E. Nalika nyanghareupan pananya, kritikan, atawa nu béda pamadegan jawab nurutkeun kahayang sorangan.
48.        Rarasaan melak cauk, teu nyaho mun melak jahé
Rarasaan matak lucu, teu nyaho mun matak réhé
Sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran ...
A. Sésébréd                                                           D. Wawangsalan
B. Rarakitan                                                          E. Piwuruk
C. Paparikan
49.        Teu beunang di hurang sawah
Teu beunang dipikamemet
Wangsalna tina wawangsal di luhur nyaéta ...
A. arimeut                                                             D. reueut
B. kameumeut                                                       E. imeut
C. simeut

50.        Paribasa nu hartina kudu landung kandungan laér aisan, nyaéta ...
A. Kudu bisa ngaluyukeun diri jeung kaayaan    
B. Kudu wijaksana lamun urang rék mutuskeun hiji perkara     
C. Kudu puguh éntép-seureuhna lamun nyarita ka nu séjén.
D. Kudu ati-ati sabab umumna mah cilaka téh sok ku hal anu teu pira
E. Lamun rék nyarita kudu dipikir heula hadé goréngna


KUNCI JAWABAN 
SOAL UJIAN SEKOLAH 
TAHUN PELAJARAN 2016/2017 
SMA ALKHOLILIYAH  PARAKANSALAK
KABUPATEN SUKABUMI




























NO KUNCI   NO KUNCI   NO KUNCI   NO KUNCI   NO KUNCI
1 B   11 B    21 D   31 A   41 E
2 B   12 A   22 A   32 C    42 B
3 B   13 C   23 D    33 A   43 D 
4 C   14 B   24 D    34 C   44 E 
5 D    15 E   25 C   35 A   45 E
6 E   16 C   26 B   36 C   46 D
7 A   17 A   27 A   37 E   47 E
8 A   18 B   28 A   38 A   48 A
9 B   19 E    29 D   39 C   49 C
10 B   20 E    30 A   40 B   50 B